Dalilut
D A L I L U T Ku Endan Sukanda Aya ku matak réhé jeung pikaéraeun saréréa, kajaba meureun keur maranéhna mah. Tibatan éra mah malah asa meunang, atuh tumerapna asa jadi pang-akangna. Enya, maranéhna anu sok papaséaan waé. Teu kapalang deuih, kajadian paséana disorot kaméra ti-vi kalayan dilalajoanan ku balaréa sanagara, masarakat anu marilih kalayan ménta diwakilan ku maranéhna. Saha téa atuh anu sok kitu peta téh? Ah, teu kudu dibéjér béaskeun bisi aréraeun anggota DPR. Saleuheung lamun ragot paraséana téa pikeun merjoangkeun nasib rahayat anu katalangsara. Matak réhé da kanyataanana geuning ngan sawates merjoangkeun balad atawa baraya-barayana anu sapaham. Sanajan teu sakur anggota DPR purunyus kitu, tapi teu kaasup saeutik deuih anu petana kawas kitu téh. Oknum, cenah geuning di instansi naon waé ogé aya minangka barébédanana, ngan asal ulah loba teuing wé anu kaasup oknumna… Jadi inget waktu keur diajar ngaliwet di hi