Atikan Kolot
Atikan Kolot
Alhamdulillah kuring téh disarebut guru, da resmi
dibisluitan, nampa és-ka ti nagara. Dibenum jadi guru, disarebut guru, malah
basa keur ngajar di pilemburan Banten mah disarebutna ogé ustad, da di ditu mah
geuning lain waé ka guru agama dalah ka guru umum ogé sarua nyarebutna téh
ustad.
Geus
jadi guru, sok rajeun tumanya naha geus pantes kitu saluyu jeung sesebutan dina
enggoning ngatik ngadidik murid di sakola katut barudak di imah? Bari nyoréang
alam ka tukang, panineungan ka anu jadi aki-ninina barudak dina ngatik kuring
sadudulur....
Mimiti pisan boga budak, nyikalan téa disebutna. Kawasna
lantaran can boga pangalaman, di sagigireun reueus lantaran geus dipercaya
ngurus turunan, kasiapan mental pikeun “ngasuh” jeung ngatik budak ogé can
bener-bener masagi, utamana mun budak geus rungsing pikakeuheuleun. Teu kalis
geus aya nu nyebut ”Abah” tapi kalakuan bubudakeun kénéh.
Nyakitu
deui Si Ambu, sakapeung-kapeungeun mah sok bijil kaambekna ka barudak.
Tumerapna, di imah bapana ngabarérang, si Ambu bendu. Gara-gara barudak, jadi matak
nyababkeun kolotna paséa....
Tambah
reuay anak, masalah gé nambahan. Sageuy ari nambahan parabaneun mah teu dipaké
kamelang ieuh, da teu samata-mata Gusti Allah SWT ngagelarkeun mahluk anging
dibarengan ku rijkina.
Ieu
yeuh nu matak pusing mah, geura. Mun nu jalu geus ngarablu, mulang sakola téh
ngulayaban “ngitung lembur ngajajah milangan kori” Henteu puguh nu dijugjug, da
tujuanana ogé ngan ulin, jeung ulin wungkul.
Nu
bikang, enya ogé resep di imah, aya-aya wé picacapékeun kolot téh. Kawas dina
pupuh ”Balakbak” téa, luas-luis los ka pipir, mun ku ambuna teu hantem
digambreng mah sasapu di buruan ogé mumul, ngan henteu wé cadu. Ari sakalina
mandi, kawas éntog manila, matak nyéépkeun cai sa-bak jaba lilana nataku téh.
Para
pamaos, mun keur teu sadrah kitu sotéh. Tapi geuning mun urangna keur jembar
haté mah sagalana gé matak éndah jeung pikayungyuneun. Pan heueuh, ngaranna ge
budak; teu kitu-kitu acan mah lain gé pejuh atuh. Ngabébénjokeun haté.... Malah mun haté keur caang narawangan
mah sok ras ka mangsa budak, mangsa kungsi ngarudetkeun nu jadi kolot, saréngkak
saparipolah ngan geunggeureuhkeuneun indung-bapa....
Sawelas
boga dulur téh, lalakina genepan awéwé limaan. Eta wé tangka riab, ngabring mun
sakalina diiringkeun ku Ema jeung Abah teh. Waas mah mun waktuna dahar, nyiuk
sangu pada metung, hayang paloba-loba. Tapi héran, tara kungsi paraséa. Rapih
jeung sauyunan, dahar dina piring kaléng (ngahaja éta téh alpukahna Ema, kawasna
waé ambéh teu matak peupeus) sok-sok teri rarong dionclo-onclo kana piring,
ngaralimed sanajan deungeunna ngan saised bédana jeung karo uyah.
Mangsa kiwari, mangsana geus béda jaman,
utamana béda deuih jalma nu ngajamanana. Boga budak opat, dua jodo keur
meujeuhna carékeun kolot. Jeung nu leuwih nyoko, kanyataan karah wowotan jeung
deukeut kana bakal sawan jajantung, mun sagalana hayang persis nerapkeun metodeu
saperti atikan mangsana kuring narima ti kolot baheula. Robah jaman, robah nu
ngajamanan; atuh metodeu ngatik ogé sawadina disaluyukeun da loba parobahan téa.
Barudak dipapagahan loba nambalang,
digelendut murukusunu. Da éta téa geus teu luyu mun rék nerapkeun atikan
kabaheulaan mah. Ka dahar-dahar, sakapeung mah masih kénéh kudu dikukuprak ku kolot,
da kabareukina kana jajan.
Malah kungsi kajadian aya loték hiber kana
jandéla. Dua jalu pada wegah silih élédan, silih bandingkeun: Aa mah seueur
lotékna, Adé mah kirang goréng bawangna ogé. Loték dibagi deui ku Si Ambu, bari
gudad-gadeud keuheul, da keur loba pagawéan.
Geus di ”mediator”-an ku Si Ambu, panyana
téh rék répéh, ieu mah hantem silih herengan. Koréjat wéh Si Ambu, ”Na, barudak
piraku ari kudu di-gram onaman? Halik kadieuh ku ngaing urang putuskeun!”
Sewuk-sewuk, loték nu geus dibagi dua téh dihijikeun. Panyana rék kumaha, ari hég téh piring loték
jeung eusina hiber ka palebah jandéla.
Ngan hadéna wé piring melamin, jaba muragna meneran kana jukut di buruan....
Aya hikmahna, ti harita komara Si Ambu ka
barudak jadi nambahan, sahanteuna aringeteun kana ”Tragedi Piring Loték Terbang” kawasna waé inggis kajadian deui.
Sok rajeun bawaning ku keuheul, sajaba ti
molototan téh kuring ogé sok ngabarérang ka budak, malah mun geus tepi ka
puncakna mah ditambahan ku sesebutan anu ku nini-akina barudak mah dipahing
pisan. ”Dasar belegug, bangor, jsb”. Atawa, ngaluarkeun pananya ”arék jaradi
nanahaon maranéh téh?”
Dina
hiji waktu mah kalakuan téh kaperego pisan ku nini-akina barudak, da keur araya
nganjang ka imah. Antukna, kuring disidang ku duaan. ”Ieuh tong dibiasakeun
goréng biwir, ucap-ucapan kolot mah do’a , nu matak ulah sagawayah. Da lain
belegug jeung bangor budak mah, tapi can bageur; lain bodo deuih, tapi tacan
pinter,’ saur Ema ngagelendut mapagahan
kuring, malah sakalian ka indungna barudak ogé da ngahaja dicalukan. Papatah
anu asa ”teu sapira” tapi nerap jadi bahan lenyepaneun.
Ngalenyepan
papatah Ema harita, jadi ras kana dasar-dasar atikan. Paédagogik téa cék légégna
mah. Pan heueuh, cenah geuning ceuk nu haratam kana soal atikan, ngatik
ngadidik téh mun hayang nerap aya tapakna mah kudu didasaran ku kanyaah-kaasih
(nu disebut prinsip kasih sayang téa).
Paingan
atuh baheula, asa can kungsi ngadéngé Ema jeung Abah nyarékan ka kuring saréréa.
Padahal soal bangor tolohéor mah sarua waé, boa aya onjoyna ti barudak ayeuna.
Jaba uruseun jeung atikeun kolot baheula mah lain saeutik ari sawelas mah, pasti
sawelas pasipatan nu lain sanghareupaneun méméh mumuluk.
Enya Ema, ninina barudak, sainget kuring
kawasna dipahing pisan maké jeung tumanya ka budak ku kekecapan ”arék jaradi
nanahaon maranéh téh?” Har, pan tugas kolot nungtun nuyun sarta ”nyitak”
pikahareupeun barudak mah, nya? Ninina
barudak, ka saréréa téh teu weleh ngabasakeun kasép, bageur, lucu, pinter, soléh; sanajan papalingpang jeung kanyataan
budak nu sabenerna. Jeung karasana téh jajauheun nyungkun, da pastina kaluar
tina dasar ati nu wening bari diimplik-implikan ku pangharepan jeung
mudah-mudahan. Boa-boa dina sajeroning nyebut bageur, lucu, pinter, jeung soléh
téh dibarengan ku jiad pangdo’a: ”mudah-mudahan
sing tinekanan sareng ngabuktos, Gusti barudak abdi teh jaranten jalmi sakumaha
abdi ngabasakeun ka maranéhna”
Nu
matak dicaritakeun deui téh lain ku nanaon. Sugan wé jadi ”ubar puruluk” keur
sobat-sobat papada guru utamana keur kuring nu nyaritakeunana. Da nyata
geuning, kolot baheula mah éstu teu sagawayah dina saréngkak aparipolah téh,
kaasup dina nyarékan budak gé maké dadasar élmu. Ku ayana méré sarupaning
pangharepan, mudah-mudahan jadi hiji kasadaran. Guru, nu matak dibenum maké
bisluit ogé pan ngabogaan pancén nu jéntré témbong tina sakur ihtiarna anu teu
kuméok saméméh dipacok.
Mudah-mudahan
barudak urang sing jaradi jalma nu pikareueuseun sepuhna, nyakitu deui sepuh-sepuh
urang nu tos kageuleuhan kakeumeuhan sing natrat tapak lacak amalna, margi tos ngantunkeun
pituduh amalkeuneun urang. Amin.***
Komentar
Posting Komentar