Dalilut
D A L I L U T
Ku Endan Sukanda
Aya ku matak réhé jeung
pikaéraeun saréréa, kajaba meureun keur maranéhna mah. Tibatan éra mah malah asa
meunang, atuh tumerapna asa jadi pang-akangna. Enya, maranéhna anu sok
papaséaan waé. Teu kapalang deuih, kajadian paséana disorot kaméra ti-vi kalayan
dilalajoanan ku balaréa sanagara, masarakat anu marilih kalayan ménta diwakilan
ku maranéhna.
Saha téa atuh anu
sok kitu peta téh? Ah, teu kudu dibéjér béaskeun bisi aréraeun anggota DPR.
Saleuheung lamun ragot paraséana téa pikeun merjoangkeun nasib rahayat anu
katalangsara. Matak réhé da kanyataanana geuning ngan sawates merjoangkeun
balad atawa baraya-barayana anu sapaham. Sanajan teu sakur anggota DPR purunyus
kitu, tapi teu kaasup saeutik deuih anu petana kawas kitu téh. Oknum, cenah
geuning di instansi naon waé ogé aya minangka barébédanana, ngan asal ulah loba
teuing wé anu kaasup oknumna…
Jadi inget waktu
keur diajar ngaliwet di hiji pondok. Harita wawanohan jeung anu disebut élmu
manték atawa mantiq. Élmu manték
atawa logika, tujuanana taya lian supaya anu ngalap éta élmu bisa mikir kalayan
lempeng (logis & rasional).
Sanajan ari hujjatul’ Islam imam
al-Gozali mah ngaharamkeun lamun urang ngaheulakeun manték tibatan kaimanan
atawa akidah, lantaran numutkeun anjeunna loba pisan masalah kaimanan anu teu
bisa dilogikakeun. Tapi, ari keur latihan sawala mah, utamana keur ngasah
kaparigelan dina mikir logis & rasional santri-santri harita ku Mama
Ajengan di pasantrén kuring sok digugulukeun. Malah diasupkeun kana agénda
kurikeuleum, mun ceuk istilah ayeuna mah. Dina ngalarapkeun éta élmu,
diantarana digunakeun pikeun diajar ngayakeun sawala. Diskusi téa ceuk basa populérna mah anu cenah geuning mun maké basa
légég diskusi atawa sawala téa taya lian ti reasoning
counter reasoning atawa alesan diadu jeung alesan pikeun nimukeun hiji
kasaluyuan dina widang kaélmuan atawa masalah anu keur disanghareupan sarta
merlukeun jalan kaluar masalahna.
Tangtu waé diskusi
atawa sawala mah lain debat kusir anu didadasaran ku paheuras-heuras
genggerong. Sing saha anu genggerongna pangheurasna, éta anu bakal kaluar jadi
pinunjul.
Kamatengan jiwa
atawa méntal (méntal maturity) diantarana bisa katangén tina
carana hiji jalma ngasongkeun pamadegan dina sawala. Aya nu sok neugtreug
mageuhan pamadegan sorangan, sanajan papalingpang jeung kalajiman atawa logika.
Nu penting pikeun inyana mah asal meunang dina sawala pikeun nyugemakeun ”égo”
atawa libido ngamalirkeun kadugalan.
Pokona, dina
latihan sawala mah anu bisa mertahankeun pamanggih kalayan disaluyuan ku
pamilon, lantaran pamanggihna téa asup akal atawa logika kalayan rasional, nya
manéhna anu unggul dina sawala mah. Sabalikna ti éta, lamun aya pamilon anu
keukeuh peuteukeuh merekedeweng, lain tempatna pikeun dilayanan. Sabab lamun
saruana, bakal kajadian béntrok awak paséa atawa gelut.
Asa ngalangkang
deui dina ingetan, anu pangmahérna sawala mah taya lian ti Kang Zaéni. Lain waé
ku sabab si akang mah jadi wakil Lurah Pondok, tapi kayungyun ku sikep dina
nepikeun pamanggih katut pamadeganana. Ayem sikepna, jéntré nepikeun pamadegan
tapi
“Ulah pisan, euy
urang boga pamadegan yén anu panggagahna téh anu meunang waé dina gelut. Inget
kana dawuhan Kangjeng Nabi Muhammad SAW, basa saréngséna perang Badar anu
kaasup perang pangrongkahna dina sajarah umat Islam mah. Nalika para sohabat
jaligrah sabab geus mampuh nalukkeun musuh nu pangrohakana, dawuh Rosul harita,
ulah poho yén aya kénéh musuh anu leuwih rohaka anu kudu ditalukkeun, nyaéta
hawa napsu. Manakomo dina sawala mah, da
séjén deui lingkupna. Matak ana mah
sok kabita ku énté-énté atawa antum anu masantrénna dibarengan ku
tolabul élmu di sakola pormal. Asal rancagé dina makéna, élmu antum Insya Allah
bakal masagi...,” ceuk Kang Zaéni basa kuring ngahaja ngajak ngobrol di kamar
kobongna.
Pan heueuh, kitu
kuduna mah saperti ceuk pamanggih Kang Zaéni. Maksud téh lantaran kuring mah
masantrén téh dibarengan ku sakola, kuduna mah leuwih masagi dina diskusi,
leuwih paham dina sawala. Tapi geuning nyatana mah teu bisa-bisa waé…
Da jeung enyana,
moal aya jalma anu ngarasa kataji ka jalma anu mutuskeun hiji perkara ku jalan
gelut, nulak cangkéng dina irung asa aing panggagahna. Sabab, ari rék gelut mah
pantesna dina pakalangan anu geus disayagikeun pikeun éta kaperluan. Béda pisan
jeung dina pakumbuhan sawala, anu nonjolkeun kapunjulan widang logika. Ari nu
béda téa pan hartina teu sarua, patukang tonggong kawas bédana embé jeung kuda…
Anu maos ogé tangtu
pada apal, di sarakan urang kiwari loba pisan anu paheuras-heuras genggerong
mertahankeun pamadegan. Teu saeutik anu boga pamadegan
*
Komentar
Posting Komentar