Érosi Kareueus

Érosi Kareueus 

Ku Endan Sukanda 

 

            Unggal poé Rebo kuring sok nyokot majalah jeung koran Sunda ti pa Udin SS, agén majalah pangkahotna di kota Sukabumi mah. 

            Dina hiji waktu poé Rebo, sakumaha biasa samulangna ti sakola kuring geus tepi ka tempatna pa Udin, anu ngamparna hareupeun tosérba Yogya. 

            Anu biasana mah tara turun-turun acan tina sadel Ki Salju véspa heubeul taun 1973-an, da sok langsung dipapag ku pa Udin bari ngasongkeun majalah, harita mah anjeucleu heula rada lila. Teu kitu kumaha, da kasampak téh pa Udin keur dirariung ku barudak SMA, atuh tumerapna kuring teu kacirieun yén geus datang. 

            Barang rét, pa Udin langsung nyarita, “Tah geuning tos sumping. Ieu marurangkalih parebut majalah, dugi ka seueur kénéh nu teu acan kabagéan,” ceuk pa Udin sumringah bagja duméh daganganana payu. 

            Saméméh nampanan, karérét sabéngbatan enya wé barudak SMA keur récok parebut pada hayang meuli majalah jeung koran Sunda. Tapi, lantaran ngan hiji deui téa, barang dituduhkeun ku pa Udin, yén aya deui agen séjénna, buriak wéh barudak bubar papaheula muru ka agén panuduhan pa Udin téa, deukeut alun-alun kota….

            Aya tiluan budak awéwé nu ninggalkeun manéh, tinggerendeng bari ngarérétan kuring. Selenteng saurang nu kaciri pangwantérna, na ri pok téh ka kuring, ”Om, majalahna aku beli ya, ya Om pliiis deh, Om…”

            Éta budak awéwé saliwatan oge geus kaeunteupan érosi, lain waé dina basa nyaritana, tapi tina réngkak saparipolahna geus kaeunteupan erosi kareueus,

            “Érosi” nurutkeun nu hatam kana masalah geografi mah pihartieunana taya lian ti ngurangan tina saasalna ku sabab kagerus ku cai. Upamana sisi basisir jadi ngaheureutan lantaran taneuhna kagerus ku cai laut, ngan cenah disebutna nu kitu mah “abrasi” tea.

            Ceuk kolot nu masih kénéh kentel kana kasundaan, majar cenah nonoman Sunda kiwari geus loba pisan nu ngalaman “érosi” kareueus. Éra ngomong ku basa Sunda, éra maca majalah jeung buku-buku Sunda, antukna ngarasa éra jadi jalma anu asalna ti séké sélér Sunda.

            Mawa majalah “Manglé” werat dibalikkeun, sangkan teu kabaca jilidna. Meuli sotéh majalah Sunda, meureun wé dibéré pancén ku guru basa Sunda, ngadadak meuli ti tukang majalah, buru-buru dibebeskeun kana tas buku, da sieun katohyan ku sasama panumpang dina angkot. Ngaran majalahna waé ku maranehna mah tepi ka ditarjamahkeun ngarah “gaya” majar téh cenah majalah “Ménjel” Beu, nepi ka kituna, nya?

            Enya kawasna, kareueus nonoman Sunda kiwari téh kagerus ku anu singsarwa Barat, anu ceuk maranéhna mah modern téa. Padahal mah, geus loba pisan teknologi tradisional urang Sunda anu ngailhaman sarta terus diparaké dina pakumbuhan teknologi modern, contona saperti ieu di handap.

            Senggot, model timbaan cai nu saperti “portal” di jalan, sihoreng éta téh teknologi tradisional karuhun urang Sunda, kalayan kiwari geus biasa dipaké jeung digunakeun dina sistem pertambangan Nasional. Horéng téh deuih kaulinan nu kaasup buhun karuhun urang, nyaeta kolecér, geus ngailhaman kincir angin di nagara Walanda anu gunana diantarana pikeun ngungkulan masalah cai.

            Kawasna waé nonoman Sunda nu teu kahaja kaperego ku kuring téa di pa Udin SS mah teu arapalan, yén urang mancanagara mah kacida katajieun jeung maruji ka-Sunda-an téh. Teu arapalan, yén aya Bécky Wilson, mojang bulé ti Kanada anu mahér ngahaleuang lagu-lagu Sunda jeung sering midang di TVRI Bandung. Terus deuih kamari aya mojang India nu guguru ka Euis Komariah lantaran hayang mahér ngahaleuang lagu-lagu Cianjuran. Ngaranna Anita Balasubramanian, umurna karek 20 taun, mahasiswi Universitas Atlanta, Amerika (Univercity of Atlanta). Ngan ukur dina jero 30 poe, inyana geus bisa ngawasa 4 laras Cianjuran (Pelog-Sorog-Mandalungan-Salendro) bari lain wae persis nurutan guruna, tapi nembangna estuning matak tibelat ahli mamaos Cianjuran (aos Kingkilaban Mangle No. 2231). Kumaha ari urang Sunda, baradé kulan....?

            Jigana waé urang mah boro-boro wanoh kana ka-sunda-an téh, atuh jajauheun kana bakal reueus. Kolot-kolotna waé, pan ayeuna mah geus langka pisan nu ngajak ngomong basa Sunda ka barudakna di imah. Piraku sugan ari kolot urang Sunda pipilueun ngalaman érosi kareueus jadi urang Sunda mah, nya?

    

Nu nulis alumnus pasantrén Al-Machfudiyah

Ciaul - Kota Sukabumi

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dalilut

Atikan Kolot