Mudah-mudahan
Mugia
Ku Endan
Sukanda
Saluyu jeung judulna, dina ieu tulisan pinuh ku mudah-mudahan
jeung pangharepan. Utamana mah do’a nu mangrupa pangharepan jeung cita-cita....
Mimiti pisan boga budak, nyikalan tea disebutna. Kawasna
lantaran can boga pangalaman, di sagigireun reueus lantaran geus dipercaya
ngurus turunan, kasiapan mental pikeun “ngasuh” jeung ngatik budak oge can
bener-bener masagi, utamana mun budak geus rungsing pikakeuheuleun. Teu kalis
geus aya nu nyebut ”Abah” tapi kalakuan bubudakeun keneh.
Nyakitu
deui Si Ambu, sakapeung-kapeungeun mah sok bijil kaambekna ka budak. Tumerapna
di imah, bapana ngabarerang, si Ambu bendu. Gara-gara budak, jadi matak
nyababkeun kolotna pasea....
Tambah
reuay anak, masalah ge nambahan. Sageuy ari nambahan parabaneun mah teu dipake
kamelang ieuh, da teu samata-mata Gusti Allah SWT ngagelarkeun mahluk anging
dibarengan ku rijkina.
Ieu
yeuh nu matak pusing mah, geura. Mun nu jalu geus ngarablu, mulang sakola teh
ngulayaban “ngitung lembur ngajajah milangan kori” Henteu puguh nu dijugjug, da
tujuanana oge ngan ulin, jeung ulin wungkul.
Nu
bikang, enya oge resep di imah, aya-aya we picacapekeun kolot teh. Kawas dina
pupuh ”Balakbak” tea, luas-luis los ka pipir, mun ku ambuna teu hantem
digambreng mah sasapu di buruan oge mumul, ngan henteu we cadu. Ari sakalina
mandi, kawas entog manila, matak nyeepkeun cai sa-bak jaba lilana nataku teh.
Para
pamaos, mun keur teu sadrah kitu soteh. Tapi geuning mun urangna keur jembar
hate mah sagalana ge matak endah jeung pikayungyuneun. Pan heueuh, ngaranna ge
budak; teu kitu-kitu acan mah lain ge pejuh atuh. Ngabebenjokeun hate. Malah
mun hate keur caang narawangan mah sok ras ka mangsa budak, mangsa kungsi
ngarudetkeun nu jadi kolot, sarengkak saparipolah ngan geunggeureuhkeuneun
indung-bapa....
Sawelas
boga dulur teh, lalakina genepan awewe limaan. Eta we tangka riab, ngabring mun
sakalina diiringkeun ku Ema jeung Abah harita teh. Waas mah mun waktuna dahar,
nyiuk sangu pada metung, hayang paloba-loba. Tapi heran, tara kungsi parasea.
Rapih jeung sauyunan, dahar dina piring kaleng (ngahaja eta teh alpukahna Ema,
kawasna wae ambeh teu matak peupeus) sok-sok teri rarong dionclo-onclo kana
piring, ngaralimed sanajan deungeunna ngan saised bedana jeung karo uyah.
Mangsa kiwari, mangsana geus beda jaman,
utamana beda deuih jalma nu ngajamanana. Boga budak opat, dua jodo keur
meujeuhna carekeun kolot. Jeung nu leuwih nyoko, kanyataan karah wowotan jeung
deukeut kana bakal sawan jajantung, mun sagalana hayang persis nerapkeun metodeu
saperti atikan mangsana kuring narima ti kolot baheula. Robah jaman, robah nu
ngajamanan; atuh metodeu ngatik oge sawadina disaluyukeun da loba parobahan
tea.
Barudak dipapagahan loba nambalang,
digelendut murukusunu. Da eta tea geus teu luyu mun rek nerapkeun atikan
kabaheulaan mah. Ka dahar-dahar, sakapeung mah masih keneh kudu dikukuprak ku
kolot, da kabareukina kana jajan.
Malah kungsi kajadian aya lotek hiber kana
jandela. Dua jalu pada embung silih eledan, silih bandingkeun: Aa mah seueur
lotekna, Ade mah kirang goreng bawangna oge. Lotek dibagi deui ku Si Ambu, bari
gudad-gadeud keuheul, da keur loba pagawean.
Geus di ”mediator”-an ku Si Ambu, panyana
teh rek repeh, ieu mah hantem silih herengan. Korejat weh Si Ambu, ”Na, barudak
piraku ari kudu di-gram onaman? Halik kadieuh ku ngaing urang putuskeun!”
Sewuk-sewuk, lotek nu geus dibagi dua teh dihijikeun. Panyana rek kumaha, ari heg teh piring lotek
jeung eusina hiber ka palebah jandela.
Ngan hadena we piring melamin, jaba muragna meneran kana jukut di buruan....
Aya hikmahna, ti harita komara Si Ambu ka barudak
jadi nambahan, sahanteuna aringeteun kana ”Tragedi
Piring Lotek Terbang” kawasna wae inggis kajadian deui.
Sok rajeun bawaning ku keuheul, sajaba ti
molototan teh kuring oge sok ngabarerang ka budak, malah mun geus tepi ka
puncakna mah ditambahan ku sesebutan anu ku nini-akina barudak mah dipahing
pisan. ”Dasar belegug, bangor, jsb”. Atawa, pananya ”arek jaradi nanahaon
maraneh teh?”
Dina
hiji waktu mah kalakuan teh kaperego pisan ku nini-akina barudak, da keur araya
nganjang ka imah. Antukna, kuring disidang ku duaan. ”Ieuh tong dibiasakeun
goreng biwir, ucap-ucapan kolot mah do’a , nu matak ulah sagawayah. Da lain
belegug jeung bangor budak mah, tapi can bageur; lain bodo deuih, tapi tacan
pinter,’ saur Ema ngagelendut mapagahan
kuring, malah sakalian ka indungna barudak oge da ngahaja dicalukan. Papatah
anu asa ”teu sapira” tapi nerap jadi bahan lenyepaneun.
Ngalenyepan
papatah Ema harita, jadi ras kana dasar-dasar atikan. Paedagogik tea cek legegna
mah. Pan heueuh, cenah geuning ceuk nu haratam kana soal atikan, ngatik
ngadidik teh mun hayang nerap aya tapakna mah kudu didasaran ku kanyaah-kaasih
(nu disebut prinsip kasih sayang tea).
Paingan
atuh baheula, asa can kungsi ngadenge Ema jeung Abah nyarekan ka kuring sarerea.
Padahal soal bangor toloheor mah sarua wae, boa aya onjoyna ti barudak ayeuna.
Jaba uruseun jeung atikeun kolot baheula mah lain saeutik ari sawelas mah, pasti
sawelas pasipatan nu lain sanghareupaneun jalma anu teu payaan mah.
Enya Ema, ninina barudak, sainget kuring
kawasna dipahing pisan make jeung tumanya ka budak ku kekecapan ”arek jaradi
nanahaon maraneh teh?” Har, pan tugas kolot nuyun sarta ”nyitak” pikahareupeun
barudak mah, nya? Ninina
barudak, ka sarerea teh teu weleh ngabasakeun kasep, bageur, lucu, pinter, soleh; sanajan papalingpang jeung
kanyataan budak nu sabenerna. Jeung karasana teh jajauheun nyungkun, da pastina
kaluar tina dasar ati nu wening bari diimplik-implikan ku pangharepan jeung
mudah-mudahan. Boa-boa dina sajeroning nyebut bageur, lucu, pinter, jeung soleh
teh dibarengan ku jiad pangdo’a: ”mudah-mudahan
sing tinekanan sareng ngabuktos, Gusti barudak abdi teh jaranten jalmi sakumaha
abdi ngabasakeun ka maranehna”
Nu
matak dicaritakeun deui teh lain ku nanaon. Sugan we jadi ”ubar puruluk” keur
sobat-sobat papada guru utamana keur kuring nu nyaritakeunana. Da nyata
geuning, kolot baheula mah estu teu sagawayah dina sagala hal, kaasup dina
nyarekan budak ge make dadasar elmu. Ku ayana mere sarupaning pangharepan,
mudah-mudahan jadi hiji kasadaran. Guru, nu matak dibenum make bisluit oge pan
ngabogaan pancen nu jentre tembong tina sakur ihtiarna anu teu kumeok samemeh
dipacok.
Mudah-mudahan
barudak urang sing jaradi jalma nu pikareueuseun sepuhna, nyakitu deui sepuh-sepuh
urang nu tos kageuleuhan kakeumeuhan sing natrat tapak lacak amalna, margi tos ngantunkeun
pituduh amalkeuneun urang. Amin.
Komentar
Posting Komentar